Tuesday, September 8, 2015

Kasono ti Jatinangor

Unggal peuting minuhan katineung
Basa raga can napak di bumi Jatinangor
Sakalina reumbay cimata
Kadua kalina ukur cukclak
Unggal usik aya nu ngusik
Kasono nu pasesedek na jero haté
Basa dihudangkeun saré ku ema
Basa dijajap sakola ku apa.
Unggal dina pangsujudan peuting
Mangbeungkeut-beungkeut do'a hiber ka langit
Nu ka Garut, ka Sumatera, ka Sukabumi
Diharéwoskeun ngaliwatan kaasih Gusti
Tah, kasono ditiupkeun
Diubaran ku kaikhlasan
Dirépéhan ku élmu
Ké mulang mawa cahaya

Jatinangor, 2 September

No comments:

Post a Comment